Rabu, 06 Maret 2013

Artikel Basa Sunda

di handap ieu teh mangrupa artikel dina basa sunda, aya 5 artikel jeung pamadegan abdi sareng kacindekan artikelna. mugi-mugi aya gunana.
(Di bawah ini merupakan artikel dalam bahasa sunda, ada 5 artikel dengan pendapat saya serta kesimpulan artikelnya, semoga bermanfaat)


Artikel 1
Basa, Kesenian, jeung kahirupan sunda
Ku ayana kamekaran téknologi internét nu  ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan.
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé.
Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadean
Kacindekan: Urang sunda kudu siap ngalawan mangsa globalisasi ku teu mopohokeun basa jeung kasenian sunda ku cara ngawangun kahirupan silih asah, silih asih, tur silih asuh.
Pamadegan Abdi: Kahirupan silih asah, silih asih tur silih asuh mangrupakeun salah hiji solusi keur ngajagakeun budaya sunda di tengah mangsa golabalisasi ieu. Utamana kalangan rumaja kiwari nu geus kabawa arus globalisasi sangkan henteu mopohokeun budaya jeung kasenian sunda

Artikel 2
Tulak bala singlar runtah
Pasualan runtah di Bandung tacan tuntas sanajan geus aya Tempat Pembuangan Akhir (TPA) di wewengkon Cigending, Cipatat, Kabupaten Bandung. Nepi ka kiwari ogé runtah masih tingtalambru di sawatara jarian samentara. Teu pamohalan,  sababaraha taun deui, runtah bakal ngahunyud. Sabab, produsén runtah beuki rongkah, kalayan henteu diimbangan ku cara ngokolakeun anu idéal. Solusina lain sakadar néangan lahan TPA anu lega. Pangna kitu, lantaran salega-legana lahan anu disayagikeun, lila-lila mah bakal mentung ngagunung nampung runtah urang Bandung.
Mangkaning sasaha ogé geus pada awal, yén runtah téh bisa ngadatangkeun mamala atawa balai. Geus puguh sabangsaning panyakit alatan polusi. Katambah deui pangalaman tragédi ngabeledugna gunung runtah di TPA Leuwigajah nu geus ngubur kampung-kampung sakuliah Leuwigajah jeung tatar Batu Jajar (21/02/05). Geus puguh harta banda, dalah korban jiwa ogé henteu bisa disingkahan ku ngamukna sakadang runtah harita. Hiji bukti yén runtah lain pasualan anu bisa dianggap énténg.
Tina bala alatan runtah, bisa ngalantarankeun balai. Ku ayana kitu, kudu buru-buru mapatkeun jampé tulak bala singlar runtah. Ari tulak bala téh sabangsaning jajampéan atawa dunga pikeun nyingkahan balai. Sasarina jampé tulak bala dipapatkeun dina upacara tradisi ritual, saperti ngaruat jagat, hajat bumi, ngalaksa, jsté. Tulak bala ogé aya anu sok dipirig ku waditra anu dianggap sakral, saperti  angklung gubrag, terbang pusaka, jsté. Tapi jampé jeung téknis tulak bala nyinglar runtah  mah kawilang basajan. Bisa dipapatkeun ku sakumna urang Bandung, kalayan henteu perelu ngalibetkeun Jurig Jarian.
            Saméméh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna maluruh heula kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara runtah, tapi bisa dipastikeun produsén runtah pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga. Sabéngbatan mémang moal katingali loba, da puguh ti saimah téh rata-rata ukur sakérésék atawa dua kérésék. Tapi ari dikalikeun jeung sakabéh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka ratusan rébu méter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu bisa disorang nyaéta ngurangan jumlah runtah ti saban imah.
            Pikeun babandingan, masarakat pilemburan mah asa tara nyanghareupan pasualan runtah. Sabab ti baheula ogé geus surti dina ngokolakeun runtah. Contona misahkeun runtah organik jeung an-organik. Runtah baseuh sasarina diruang, demi runtah garing bisa disalurkeun ka tukang rongsokan atawa diduruk. Naon pasualanana ngaduruk runtah? Sanajan bisa nimbulkeun dioksin anu henteu séhat pikeun diangseu, tapi bakal leuwih henteu séhat lamun patulayah tur ahirna ngotoran lingkungan.
            Di Bandung, mémang pamohalan ngaruang runtah baseuh di sabudeureun imah. Sabab, umumna henteu nyayagikeun lahan pikeun ngurus runtah. Cukup boga tong runtah di hareupeun imah, kalayan henteu ngarasa perelu mikiran ka mana éta runtah dipiceun. Lantaran ngarasa geus mayar iuran runtah téa, antukna loba anu teu harayang nyaho itu-ieuna. Nu penting mah di wewengkonna beresih, kajeun teuing di wewengkon batur mah barala ogé. Nu penting mah di wewengkonna henteu barau runtah, kajeun teuing di wewengkon batur mah barau runtah ogé. Sikep égois anu méh teu karasa, geus nerekab ka sawatara pangeusi Bandung.
Loba masarakat anu nampik upama wewengkonna rék dijieun TPA. Puguh baé lumbrah, lantaran maranéhna ngeunteung kana gagalna cara ngokolakeun TPA. Antukna TPA idéntik jeung kumuh, rarujit, barau, sarta ngabahayakeun kasalametan jiwa. Sabenerna éta anggapan téh bisa dirobah upama TPA dikokolakeun kalayan hadé tur daria. Contona ku cara ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara kitu, masarakat baris ngabagéakeun wewengkonna dijieun TPA, lantaran bisa nyiptakeun arawa ngalegaan lahan pacabakan. Salila ieu, kagiatan ngolah runtah ukur jadi wacana, henteu dibarung prakna, sakurang-kurangna henteu pati daria.
Anu leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan runtah, taya deui iwal ti ngayakeun gawé bareng antara pamaréntah jeung sakumna masarakat. Lamun ukur ngandelkeun pamaréntah, nepi ka iraha ogé moal aya réngséna. Sakali deui, kudu aya rampak gawé anu harmonis antara pamaréntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna pamaréntah kudu nyayagikeun dua rupa mobil paranti ngangkut runtah, nyaéta pikeun runtah baseuh jeung runtah anu garing. Lamun waragad maén bal anu jumlahna miliaran bisa kahontal, piraku baé henteu kabeuli mobil paranti runtah.
Sanggeus sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna ogé kudu diimbangan ku nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah baseuh jeung runtah garing. Ku cara kitu, anu sok mulungan runtah ogé bakal sujud syukur, lantaran leuwih babari ngumpulkeun barang-barang anu payu kénéh kana duit. Apan éta téh kaasup pagawéan mulya anu mugia baé aya dina karidoan-Na.
            Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh jeung garing? Taya deui, iwal ti masarakat di saban imah.  Mun perelu, nyieun dua tong sampah keur runtah baseuh jeung runtah garing. Éta pisan wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang mangpaatna. Sabab, pasualan runtah mah gumantung pisan kana sikep saban individu dina ngokolakeun runtah. Sanajan pamaréntah bébéakan ngurus runtah, moal aya anggeusna lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina ngokolakeun runtah. Lain baé pasualan pamaréntah anu tacan bisa ngokolakeun runtah, tapi perkara méntal masarakat ogé henteu kurang pentingna.
            Jajampéan tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan. Mangga cobian papatkeun bari peureum atawa bari beunta, atawa bari peureum beunta: “ciwit heula diri sorangan, saméméh nyiwit batur; Ambeuan heula runtah sorangan, saméméh neumbleuhkeun bau ka batur. Lamun kaambeu bau, pék pikiran carana sangkan batur henteu katempuhan kudu nyeuseup nu barau téa”.
Pikeun sing saha baé anu irungna masih kénéh normal, pasti bakal milu titén kana pasualan runtah, sakaligus mibanda tékad pikeun milu partisipasi dina mulangkeun deui citra Bandung jadi kota kembang
Kacindekan: Pasualan runtah di Bandung tacan tuntas sanajan geus aya TPA lantaran runtah di TPA nu geus ngagunung bisa ngabawa polusi jeung panyakit. Solusina teh ngokolakeun runtah nu saluyu jenisna misalna organik jeung anorganik sarta  disediakeun sarana saperti tong, truk, sarta TPA husus Organik jeung anorganik. Satuluyna diperlukeun partisipasi nyata masyarakat keur ngokolakeun runtah.
Pamadegan Abdi: keur mulangkeun citra Kota Bandung jadi Kota Kembang diperlukeun gawe bareng antara pamarentah sareng masyarakat keur ngokolakeun runtah di Kota Bandung. Utamana kasadaran masyarakat pentingna ngajaga lingkungan jeung bala nu rék ditimbulkeun ku runtah

Artikel 3
Seuhah Lata-lata
LAMUN diibaratkeun kana rarasaan mah, kahirupan jaman kiwari téh keur meujeuhna lada kabina-bina, anu  dina dongéng sasatoan mah disebutna téh seuhah lata-lata! Dina widang kabudayaan, ékonomi, pulitik, hukum, jeung sajabana éstuning teu weléh harénghéng tur matak jangar ngabandunganana. Krisis idola geus nembrak kanyataanana. Masarakat leuwih resep ka pamaén sépakbola batan ka para pamingpin nagara. Lantaran, kiwari geus ngurangan kapercayaan téh ku ayana pamaréntah katut wakil rahayat tacan nedunan jangji-jangjina anu kalintang araruduh dina jaman kampanye.
Kaayaan pamaréntahan téh asa leuwih deukeut kana bobodoran. Contona ngistrénan kepala daérah di LP. Sidik matak ditahan ogé ku lantaran jadi tersangka korupsi, tapi keukeuh diistrénan. Jadina matak pikaseurian basa manéhna ngucapkeun jagnji jeung sumpah jabatan, anu jelas-jelas ti saméméhna ogé geus dirempak. Rék kumaha rayat percaya ka pamaréntah nu siga kitu? Wakil rayat ogé katingalina taya ketak nanaon, lantaran studi banding ngeunaan étika ogé kapan kalah ka Yunani. Padahal lamun hayang neuleuman étika linuhung, wakil-wakil rayat téh asa leuwih hadé studi banding ka wewengkon nu mibanda ajén-inajén budaya linuhunng. Dianataran neuleuman kaarifan lokal, ajén budaya lemah cai nu kacida linuhung, diajénan ku masarakat dunya, sarta awahing ku resep mah apan aya anu diiwat tur disaluyukeun jeung budaya nagarana. Ari nu gogana, kalah apruk-aprukan ka Yunani, anu teu hir teu walahir, tur moal nyambung jeung kapribadian bangsa Indonésia.
Bobodoran séjénna nu keur meujeuhna ditaranggap téh contona kasus Gayus Tambunan, nu teu weléh jadi bahan catur. Ongkoh dibérok, tapi bisa ulin ka Bali jeung luar nagri. Cacak anu teu dibérok ogé apan sakitu héséna hayang ngahajakeun ulin ka Bali, komo ka luar nagri. Éta téh kakara Gayus, anu jabatanna ogé teu sabaraha luhur. Komo atuh pajabat saluhureunana, tangtu baé ngahunang-ngahening téh tangtuna lain akon-akon. Hanjakal nu nanjeurkeun hukum téh henteu kumawani ngabongkar kelas kakapna mah, sangkilang geus sakitu écésna katerangan ti Gayus. Kétang, ngurus Gayus ogé sakitu ketar-ketirna, rupaning aturan diburak-barik ku Gayus. Seuhah lata-lata pokona mah.
Keur meujeuhna seuhah lata-lata, ana térékél téh rega céngék ngajaul. Réa jalma nu geus teu kabeuli céngék. Atuh anu maksakeun meuli ogé ukur tamba henteu wé keur nambahan samara. Kadaharan nu lada geus kaitung langka, anu antukna hayang seuhah lata-lata téh merelukeun waragad nu mahal. Teu sagawayah jalma bisa seuhah lata-lata, kajaba sakadang monyét anu malingan céngék di kebon Pa Tani. Ku ayana Sakadang Monyét gogorowokan “Seuhah Lata-lata”, antukna katohyan ku Pa Tani. Nu boga dosana kabur. Ari nu kacerekna Sakadang Kuya, anu teu bisaeun lumpat tarik. Sakadang Kuya rék dipeuncit ku Pa Tani, tapi saméméhna dikurungan heula. Sabot keur dikurungan, Sakadang Monyét ngalongok. Ti dinya Sakadang Kuya meunang akal keur ngabales kaculasan Sakadang Monyét. Ceuk Sakadang Kuya, manéhna rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani nu kalintang geulis. Puguh baé Sakadang Monyét kabitaeun. Sakadang Monyét ngolo sangkan anu dikurungan téh dihilian baé ku manéhna. Sakadang Kuya satuju, kalayan saratna ménta digandong tur dialungkeun ka leuwi. Atuh geus sapuk kitu mah, Sakadang Monyét teu kalékéd nedunan kahayang Sakadang Kuya, sarta anu dikurungan téh dihilian. Teu béda sigana jeung Kasiem anu ditukeuran ku Karni di pangbérokan jaman kiwari.
Isukna Pa Tani geus tatahar rék meuncit Sakadang Kuya. Atuh puguh Sakadang Monyét kacida ngaranjug. Ngabayangkeun rék dikawinkeun jeung anak Pa Tani, kalah dipangasahkeun bedog. Hiji-hijina jalan pikeun nyalametkeun diri nyaéta api-api paéh. Teu béda jeung para koruptor jaman kiwari, anu sok papaéhan, mangsa geus katohyan ngabangsat duit rayat.
Perelu dibebenah deui cara ngokolakeun nagara téh. Pangpangna dina pasulan étika. Piraku mani geus taya kapeundeul pisan ngabohongan rayat jeung ngagasak duit rayat téh. Mangsa duit pajeg digasak ku Gayus sabalad-balad, Dirjen Pajak masih kénéh taya kapeundeul masang iklan dina télévisi, nitah masarakat sangkan tumut mayar pajeg, kalayan ngagunakeun dialog nurutan Naga Bonar, “Apa kata dunia?” Padahal, dunya mah moal nyarita nanaon lamun masarakat geus teu bisa mayar pajeg ogé. Justru “apa kata dunia” téh lamun pamaréntah henteu bisa ngabongkar kasus Gayus tug nepi ka kacerek jeung tingkat gegedénna.
Enyaan, teu béda jeung dongéng Sakadang Monyét maling céngék di kebon Pa Tani. Nu seuhah Lata-lata sakadang Monyét, ari nu dicerekna Sakadang Kuya. Yu geura, urang mukaan deui dongéng-dongéng sasatoan nu asli gumelar di tatar Sunda. Tuluy bandingkeun jeung kahirupan jaman kiwari
Kacindekan: Kaayaan masarakat kiwari leuwih resep ka pamaén sépakbola batan ka para pamingpin nagara. Lantaran, kiwari geus ngurangan kapercayaan téh ku ayana pamaréntah katut wakil rahayat tacan nedunan jangji-jangjina anu kalintang araruduh dina jaman kampanye. Kaayaan pamaréntahan téh asa leuwih deukeut kana bobodoran. Oleh sebab kitu dingarankeunana jaman kiwari the saperti carita Seuhah Lata-lata lantaran kaduana teh boga kasaruanana.
Pamadegan Abdi: Pamerentah kudu ngabenah bobodoran nu aya di sistem pamarentahan sangkan mampuh ngamérékeun kapercayaan masyarakat ka pamarentah ku cara leuwih komitmen ngajalankeun kapamerentahan sarta ngaberesihkeun unsur pamarentahan ti korupsi
Artikel 4
Atikan Kasenian di Sakola, Napak dina Budaya Bangsa
ANU pangheulana jadi pananya téh tangtuna ogé: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh baé tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman. Perkara isuk jaganing géto aya diantarana nu jadi seniman, éta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola téh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kréatif.
Ku ayana atikan kasenian, siswa ogé dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan  di lingkungan sosial budaya Indonésia. Jadi, atikan kasenian téh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu. Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran séjénna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni séjénna. Perkara éta nuduhkeun yén naon rupa perkara ogé bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.
Pamaréntah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya). Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya téh mibanda harti yén atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan séwang-séwangan. Lantaran bangsa Indonésia mibanda kabeungharan budaya, tangtu baé di saban wewengkon téh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta béda jeung seni budaya séjén. Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda ogé kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajén-inajén punjul, sarta boga ciri has séwang-séwangan.
Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditépakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna béda jeung seni budaya deungeun.
Hususna di tatar Sunda, tangtu baé anu perelu diwanohkeun téh seni budaya Sunda. Réa urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu baé kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh.
Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku népakeun basa Sunda jeung rupaning kamonésan basa Sunda dina ajén sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yén basa Sunda téh henteu kampungan. Basa Sunda ogé bisa jadi basa rupaning paélmuan. Komo deui lamun ngagedurkeun népakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Mémang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari ogé masih kénéh réa nu nganggap yén aksara Sunda téh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saéstuna mah aksara Sunda téh “ka ga nga…”. Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoé. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hésé, tinggal basana nu kudu digedurkeun téh, lantaran basa Sunda mah masih kénéh diparaké dina kahirupan sapopoé. Malah dina tayangan tivi nasional ogé, basa Sunda mindeng dipaké, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun ogé apan bisa nuduhkeun yén basa Sunda téh masih kénéh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoé. Nu leuwih utama, basa Sunda téh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.
Kacindekan: Seni jeung budaya  perelu ditépakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Keur éta téh diperlukeun antikan kasenian di sakola. Hususna di tatar Sunda, tangtu baé anu perelu diwanohkeun téh seni budaya Sunda.
Pamadegan Abdi: Antikan kasenian kacida perluna keur ngawawuhkeun budaya bangsa sangkan budaya urang teh henteu rék diakui bangsa lain. Upama geus diakui bangsa lain bakal susah keur mulangkeunana.
Artikel 5
Kendang jeung Kuda
PUGUH baé kendang mah henteu milu puasa sanajan urang Sunda mikawanoh istilah “puasa kendang”. Éta babasan téh mangrupa kritik anu pikaseurieun, ditujukeun ka sing saha baé anu puasana ukur dina poé kahiji jeung poé pamungkas di bulan Ramadhan. Kendang kaasup waditra kasenian tradisional anu kaitung populér di kalangan masarakat Sunda, dijieun tina kai nu buleud, tengahna gorowong, sarta dua tungtungna ditutupan ku kulit. Upama nyukcruk kana kamus mah, di Sunda téh aya “gendang” jeung “kendang”. Gendang mah kendang gedé nu rarawatna kénca-katuhu, sarta pageuhna disambungkeun ku karawat jeung tengah-tengah kuluwungna saperti melendung. Demi kendang nyaéta gendang anu ukuranna leutik (Kamus Basa Sunda RA. Danadibrata, Kiblat, 2006).
Taya nu anéh tina waditra nu ngaranna kendang,  anu antukna sindiran “puasa kendang” moal ngalantarankeun anu disindiran kahudang amarahna, sanajan anu disindiranna jalma anu bener-bener ukur puasa dina poé kahiji jeung pamungkas bulan Ramadhan. Kamungkinan gedé, manéhna moal nyeri haté, komo deui dendam ka kendang upama dina sakali mangsa amprok jeung pintonan kasenian anu diwaditraan ku kendang.
Mémang hésé nyindekeun hiji jalma puasa atawa henteu, lantaran tacan kungsi diayakeun sabangsaning razia mariksa nu teu puasa. Anu écés mah ukuran dasarna nyaéta barang dahar jeung nginum, sanajan réa di antara ustad anu sering nétélakeun yén puasa anu pangbabarina nyaéta nahan hanaang jeung lapar. Tapi pikeun jalma anu tacan bisa ngadalikeun beuteung, nahan hanaang jeung lapar ogé tétéla henteu babari. Wajar upama di tatar Sunda populér istilah “puasa kendang”.
Karuhun Sunda anu nyiptakeun rupaning ungkapan kritik ka jalma anu tara puasa, kawasna geus kacida surti yén dina mangsa keur puasa dipahing ngumbar amarah atawa nyarékan lak-lak dasar. Ku kituna kritik anu dijieun ogé sari-sari bari ngabodor. Conto kritik séjénna nyaéta “puasa ayakan” (singgetan tina: saaya-aya dihakan). Éta ungkapan ditujukeun ka jalma anu ngaku puasa, tapi manéhna ngadahar naon baé anu bisa didahar. Puguh baé ieu mah leuwih parna batan “puasa kendang”, sabab anu “puasa ayakan” mah enas-enasna henteu puasa pisan.
Sigana “puasa kendang” jeung “puasa ayakan” téh antukna jadi inspirasi pikeun sabagéan para pajabat anu nyekel kakawasaan . Maranéhna katingali soléh malah suci dina mangsa kompanye atawa dina poé-poé panungtungan mancén. His, puguh baé pikeun ngondang simpati masarakat sangkan dipilih deui. Salila mancén tugas, méh henteu kungsi ngalakukeun nanaon iwal ti kukumpul duit pikeun ngagentian modal waragad salila kompanye tur pikeun nyiapkeun kompanye satuluyna. Kaciri soléhna ukur di awal jeung ahir mangsa mangku jabatanna, atawa sebut baé “pajabat kendang”. Karesepna sukan-sukan, ngahambur-hambur duit ladang tina ngamangpaatkeun jabatanana.
Pon kitu deui aya pajabat anu méntalna “ayakan”. Puguh baé leuwih parna. Sabab manéhna bakal “ngahuapkeun” naon baé nu katingali jeung dianggap “ngeunah”, bari teu kudu mikiran halal atawa haram. Rupaning kasus korupsi anu ngajiret para pajabat téh  geus nuduhkeun yén “pejabat kendang” jeung “pejabat ayakan” téh tétéla henteu saeutik. Maranéhna satékah-polah mintonkeun dirina anu keur “puasa”, tapi dina mangsa manggih kasempetan tur nu séjén keur malaweung, mangka dihuapkeun hutan lindung, laut, alat berat, duit rayat, jeung naon baé nu “pingeunaheun”.
Karuhun Sunda ogé kawasna geus bayeungyang nyaksian jalma anu ngaku muslim tapi henteu puasa di bulan Ramadhan. Jeung anu leuwih parna deui, maranéhna henteu ngajénan atawa teu paduli ka jalma di sabudeureunana anu keur meujeuhna paruasa. Maranéhna henteu ngarasa éra sanajan dahar, nginum , atawa ngaroko di tempat umum. Leuheung kénéh anu saukur kaciri sukuna wungkul mah. Nya ti dinya mah kaitung lumrah lamun satuluyna aya carmina (pantun kilat) anu nepi ka kiwari masih kénéh populer, “puasa kuda lebaran munding/ puasa teu kaduga lebaran ginding. Hiji sindiran anu ditujukeun ka jalma anu ngedul puasa puasa, tapi dina mangsana ngarayakeun lebaran hayang panggindingna.
Geus lain rusiah deui tur jadi fenomena umum yén ngarayakeun lebaran di pakampungan téh réa diantarana nu kalah ngadu géngsi. Pangpangna pikeun anu sapopoéna ngumbara di kota-kota gedé. Pakéan sing sarwa anyar, dahareun sagala aya, kandaraan méwah, ngecét imah, jeung sajabana, salawasna jadi bagéan tina ngarayakeun lebaran pikeun sawatara jalma. Malah keur ngahontal éta kaméwahan téh aya kalana maksakeun. Contona nginjeum duit ka réntenir atawa ngagadékeun pakakas imah keur sakadar ngaréntal kandaraan. Pokona mah rupaning cara dilakonan sangkan lebaran bisa ginding, pikeun némbongkeun kasuksésanna ngumbara di kota gedé. Matéri beuki weweg jadi barométer keur ngukur darajat manusia. Naha kiwari masarakat téh beuki réa nu materialistis? Apan di payuneun Gusti Nu Maha Agung mah, jalma anu pangmulya-mulyana téh lain jalma beunghar, lain pajabat, lain ménak, tapi jalma anu taqwa.
Dimuat di Majalah Seni Budaya
Kacindekan: Puasa kendang atawa puasa kuda  teh nyaeta istilah nu digunakeun keur urang nu ngalaksanakeun puasa tapi teu mampuh nganahan nafsu saperti ngumbar amarah jeung sajabana. Jalma anu dimulyakeun ku Gusti Nu Maha agung teh nyaeta jalma anu taqwa.
Pamadegan Abdi: Istilah eta the mangrupakeun kajadian anu lumrah di masyarakat urang. Loba pisan jalma ngalaksanakeun puasa di bulan ramadhan tapi sakadar nahan dahar wungkul. Ku sabab kitu salaku muslim kudu ngalaksanakeun ibadah urang jeung sampurna di hareup Gusti Nu Maha Agung.

Sumber: galuhpurba.com